Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Kamis, 19 November 2009

Surat Cinta ti Kuring keur Kuring


RADA werat deuk balaka téh. Sabab mun balaka sieun dituding hianat kana cinta. Basa lambak di Basisir Pananjung tingsiriwik nyampeurkeun, basa patarema jeung suku jeung leungeun jeung haté, kolu togmol balaka: “Kuring téh mikacinta anjeun. Kasedih anjeun, kasedih kuring. Kabagja anjeun kubagja kuring. Moal aya anu dipicinta iwal anjeun.”

Emh, cinta anu pangéndah-éndahna. Bisa sapapait bisa samamanis, bisa sabagja bisa sacilaka jeung bisa silih tamplokkeun kanyaah.

Ukur ka dieunakeun jadi tumanya ka diri, kana haté, kana lelembutan jeung kana kadéwasaan mikir. Ari cinta téh naon?

Anu karasa ayeuna, horeng cinta téh ukur panalikung kana kabébasan kamanusaan. Tina ngasongkeun cinta alatan hayang boga kabébasan, hasilna jadi nyangreud kabébasan, lir mencek anu beunang ku pitapak, lir méong anu tigebrus kana lombang, lir manusa anu geus kacangkalak teu bisa ojah.

Teu bisa ojah.

Teu pira anu nalikungna mah hiji kecap basajan anu katelahna “kasatiaan “.

“Eulis, geuning nu disebut satia téh hartina, nyengker kabebasan diri!”

Geuning kitu?

Éh, geura urang tataan.

Waktu anjeun imut ka hatur, haté kuring murukusunu. Waktu kuring imut ka batur, biwir anjeun murukusunu.

“Mani teu bébéja indit-inditan téh, ” cék anjeun ka kuring.

“Mani ieu bebeja indil-inditan téh, ” cék kuring ka anjeun.

Tétéla, pajah cinta éndah, ari buktina bet pijéngkéleun. Kuring asa jadi mata-mata, manéhna asa jadi mamala. Silih intip silih bongohan. Kuring embung dinyerikeun, manéhna embung dinyerikeun.

Ku hal-hal basajan.

Basajan téh cék deungeun. Da cék anu keur ngalaman cinta mah, malah urusan sagedé sireum jadi urusan sagedé gajah.

Ka dieunakeun kapanggih, cinta mawa sangsara téh da bongan tadina hayang ménta, lain hayang méré. Ka dieunakeun kapanggih, cinta mawa balangsak téh, da bongan tadina hayang diladénan lain hayang ngaladénan, da bongan tadina hayang dipentingkeun, lain hayang mentingkeun, da bongan tadina hayang dipikanyaah, lain hayang mikanyaah.

Waktu anjeun mindahkeun rasa kacinta ka deungeun-deungeun tur diri anjeun ngalaman kabagjaan jeung nu anyar, humayua haté kuring robah dadak sakala. Tina anu asalna ngaku cinta bébéakan, robah jadi ceuceub bébéakan. Padahal da baseuh kénéh biwir téh kedal ucap, kasangsara anjeun kasangsara kuring, kabagja anjeun kabagja kuring. Waktu anjeun bagja manggihan nu anyar, geuning kuring téh teu milu bagja?

Emh, sobat, ulah salah pangira, nya. Meureun sabenerna mah salila ieu kuring téh lain mikacinta manéhna tapi ukur mikacinta diri sorangan, ukur nyaah ka sorangan, ukur sorangan anu kudu dipentingkeun. Sakalina anu dipikaresep ku kuring mindahkeun kanyaahna, haté kuring ceuceub bébéakan!

Mun kitu pandéna, bédana cinta jeung ceuceub téh ipisna ukur sakulit bawang.

Lambak di Basisir Pananjung tingsuruwuk, maseuhan suku, maseuhan haté, seger kana suku hégar kana haté. Sapanjang waktu sapanjang umur.

Meureun cinta sajati mah jiga lambak di Pananjung téa. Manéhna ukur méré, teu hayang dibéré. Ukur ngaladénan, teu hayang diladénan.

Satia sapanjang waktu, satia sapanjang umur. ***

Tidak ada komentar: