Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Rabu, 11 November 2009

Nagara Balangsak, Balukar Salah Urus


Puguh ge matak teu kaharti ku akal. Ongkoh urang teh hirup di wewengkon anu ku batur mah disebutna ge sorga dunya tapi pangeusina estuning kalolobaan malarat.

Jalma miskin sakumaha dina laporan Bang Dunia pangeuyeubna di urang. Oyek kiwari di sababaraha tempat dijadikeun kadaharan utama. Barudak loba anu pegat sakola di tengah jalan.

Meh di tiap pengkolan mobil jeung motor di gembrong kunu baramaen. Sakalieun naek beus, pasesedeuk jeung tukang ngamen katut tukang asong. Geus puguheun hahargaan loba nu teu kahontal, da orokaya hargana ngajaul.

Meuerun matak kitu oge, nagara urang teh geus salah urus. Adil palamarta ngan ukur aya dina pawayangan da dina buktina mah jauh tanah ka langit. Geus kacapangan, para pamingpin di urang mah loba anu owah gingsir. Pindah pilempangan. Kalolobaan gumenak: anu kuduna ngabdi ka rahayat, malah hayang diladenan. Ayana birokrasi lain urusan jadi gampang, anggur leuwih hese. Nyieun KTP jeung Kartu Kulawarga mun can ngaluarkeun leuleueur pamohalan bakal lungsur langsar. Di urang mah sarwa ti balik, “Mun bisa dipersulit keur naon dipermudah”. Matak lieur ngabandunganana.

Atuh panyakit anu geus jadi bibit buit tikusrukna bangsa urang, nya naon deui ari lain sakadang korupsi mah lain eureun ceunah kalahka beuki meuweuh. Walatra ti hilir tepi ka girang. Taya anu kasingsal. Otonomi teh anu puguh mah ngawalatrakeun korupsi. Ceuk hiji laporan: ku kacida motekarna, tepi ka urang mah rengking hiji di Asia Tenggara lain lebah hadena tapi dina urusan babadog rarampog duit nagara. Nomer tilu sa alam dunya. Malah aya hiji karikatur anu matak nyeuleukit: ceunah mun di Amerika Latin korupsi teh di lakukeun di kolong meja, di Cina di luhureun Meja, di urang mah di ringkid jeung meja-mejana koredas tepi ka teu nyesa.

Rahaytna kitu na mah. Teu pernah aya sangsi sosial ka jalma tukang basilat. Malah mindeng kajadian manehna teh geus sabiwir hiji tukang curaling, eh pas aya pamilihan diparilih deui. Eta sok pedah ngawur-ngawur kaos, ngabagi-bagi duit teu pira. Dak sakala jadi berehan.

Fa aena tadzhabun?
Mun urang pareng ti Bandung ka Tasikeun atawa ka Garutkeun, pas palebah Paslon sangges beak pudunan Nagreg aya masjid camperenik ngarana katelah Uswatun Hasanah. Dina gapura masjid eta ngajeblag tulisan anu di cutat tina Ayat al-Quran. Faaena Tazhabun. Hartina: aranjeuna rek lumaku kamarana?

Hiji pertanyaan anu geus tangtu jawabana lain nunjuk kana lebah wewengkon anu sipatna fisik-geografis. Tapi hiji patarosan anu ngabutuhkeun jawabana anu sipatna dalit pancakakina jeung tujuan urang hirup kumelenang di alam dunya ieu, patali jeung orientasi sikep urang. Hiji pertanyaan sangkan urang bisa salilana hirup dina galur padika Mantena. Jajauheun tina sikep-sikep tunggul dirarud catang dirumpak.

Dina ajaran al-Quran tandes pisan rehna hurip jeung hirup urang estuning lilla ta’ala sakumaha ku urang diikrarkeun waktu ngucapkeun doa iptitah. Inna solati wa nusuki wa mahyaya wa mamati lillahi robbil a’alamin. Solat urang, ibadah urang, hirup jeung paeh diancokeun estuning seja babakti kanu kawasa, lillahi ta’ala. Alloh jadi tempat miang jeung tempat urang mulang. Inna lillahi wa inna ilaihi roji’un.

Jawaban tina faaena tadhabun anu bakal jadi obor urang dina sagala widang. Mun jalma geus nancebkeun rasaning eling dina sukmana atuh diharepkeun pangaruhna nemrak dina palataran hirup sapopoe. Asana jalma anu eling jiga kieu manehna bakal dibeuweung diutahkeun mun rek migawe hiji perkara. Mikir sarebu kali mun seg tea mah rek ngalakuken pagawean lacut. Heueuh jalma bisa dibobodo, tapi Pangeran pamohalan bisa dilejokeun. Moal katohyaan ku papada, tapi ku Pangeran moal aya hiji perkara oge anu bisa moncor.

“Jeung saestuna Kami geus nyiptakeun manusa jeung kami apal kana naon anu dikeretegkeun ku hatena jeung Kami leuwih deukeut ka manehna tibatan urat behengna sorangan” (QS. Qaf/50: 16)

Jawaban tina faena tadhabun ngahirib-hirib kana naon anu disebut ku kanjeung Nabi ku ungkara ihsan tea. Ka annaka tarohu fa in lam takun tarohu fa innahu yaroka. Pan ihsan ieu apan saur mantena ngarupakeun puncerna kahadean. Ngarupakeun hiji wasilah pikeun ngahontal rasaning cinta ti Pangeran. Innalloha yuhibbul muhsinin. Mun Allah geus micinta hambana, atuh naon wae kahayang urang bakal tinekanan kalayan aya dina rido Anjeuna.
Teuing rek ka mana

Jigana ningali lakuning lampah kalolobaan pangeusi nagara urang, badis jalma anu nyorang jalan bari teu puguh tujuan. Teuing rek kamana. Atawa nyorang jalan tapi brasna buntu. Ngaku-ngaku namah beragama, tapi anu dijadikeun kiblat malah hawa napsu. Jalma ngalabring bari awong-awongan marebutkeun eusi pejit teu sirikna silih dengkek, luak-lieuk ningali batur bongoh.

Pulitik jadi arena nipu nu leutik. Ekonomi jajauheun tina adil palamarta. Budaya ditataharkeun dina galur anu gampang rawek: mupusti banda jeung kaheureuyan (lahwun wa la’ibun), jeung sajabana. Agama ngan ukur ngulibeuk sabudureun Masjid, Gareja, Vihara, da ngalengkah saeutik ti dinya teu katingali deui spirit masjid. Unggal taun kwuta haji tara ieuh ngurangan, tapi oge kamiskinan beuki loba. Lolobana di urang leuwih ngaheulakeun cangkang (formalitas) tinimbang eusi.

Gues sunatulloh
Eta mah geus sunatulloh, mun pangeusi hiji bangsa geus jauh tina padika Gusti, hirup ngablu ingkar tina bebeneran, mangka isuk jaganing geto bangsa eta bakal kena ku balai. Bagja jeung cilaka gumantung kana polah urang. Innalloha la yugoyyiru ma biqaomin hatta yughoyyiru ma bi anfusihim.

Al-Quran loba kacida ngarekam nanjer jeung tilarna hiji bangsa balukar tina talajak bangsa eta. Bangsa anu beheula jugala, lantaran pangeusina baha antukna kudu nandangan siksa cara kaom Ad jeung Tsamud. Jalma anu baheula berat benghar sugih mukti, lantaran jauh tina syukur, jalma eta jeung pakayana di ruang kerepes jiga sakadang Korun. Panguasa anu sakitu sakti mandra gunana tapi lantaran dolim jeung nganyenyeri ka rahayat leutik antukna panguasa jeung balatentara eta dilelepkeun di sagara cara anu tumiba ka Pir’aon. Tantara anu adigung adiguna tikerebeuk di tengah laut jiga junud. Pon kitu pulitisi anu salilana nipu balarea teu manggap pulia nandangan panyiksa Atuh baheula jaman nabi Muhamad saw, sakumaha kuatna menak-menak urang Mekah dina waktuna ancur mah ancur, serah bongkokan sakumaha dina kajadian Futuh Mekah nalika Nabi sareng para sohabatna mulang ti Madinah ngabebaskeun dayeuh Mekah.

Kacilakaan moal tumiba mun hawa napsu hentu engklak-engklakan, mun seg kamaksiatan henteu makalangan sakumaha ku urang tiasa diteuleuman tina surat an-Nisa ayat 27. Atuh dina ayat sejena Allah nandeskeun rehna cilakana hiji jalma (bangsa) lantaran jalma jeung bangsa eta geus ngantep dirina sina kabaud ku seahna sipat-sipap negatip anu ngancik dina dirina, kayaning:

1. gurunggusuh (QS al-Isra/17: 11),
2. teu weuleuh bangkelang (QS al-Kahfi/18: 54);
3. ngalewihan wates anu geus digariskeun ku Mantena (QS Yunus/10: 12)
4. pedit alias ngekrek (QS. Al-Maarij/70: 19),
5. mindeng poho kana purwadaksi nalika menang ni’mat (QS. Al-Isra/17: 83),
6. tara syukuran (QS. Al-Adiyat/100: 6),
7. ingkar (QS. Abasa 80: 17)
8. jeung salilana luh lah (QS. Al-Maarij/70: 20)

Kajadian eta ngahaja didokumentasikeun al-Quran malah mandar urang anu hirup kiwari bisa metik hikmahna. Mun seg urang henteu bisa metik hikmah, atuh nya urang teh sed saeutik jeung sato malah moal boa leuwih sasar. Sato onaman masih leuheung bisa kadahar dagingna ka ala tanagana, tapi mun jalma geus tabeatna jiga sato nya naon anu rek dipulung.

Pamungkas
Cindeknamah maju jeung mundurna hiji bangsa gumantung kana sikep pangeusina (pangpangna para pamingpina). Mun pangeusina jauh tina aturan padika Pangeran, cadu bangsa eta bakal bisa ngahontal kabagjaan lahir jeung batin (sa’adah), anu puguh salilana bakal tikelebuh dina krisis jeung katunggaraan (saqowah). Sabalikna, mun pangeusi bangsa eta sadar sagemlengna kana tujuan hirup anu hakeki tanwande bangsa eta bakal tinemu jeung karaharjaan.
Sumber :Kesundaan Sunan Gunung Djati yang terbit setiap hari Kamis

Tidak ada komentar: