Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Senin, 30 November 2009

Kasakit Jiwa, Ngadodoho Unggal Jalma


Pasualan kahirupan, mingkin dieu mingkin pajurawet. Nu ngaligeuh, teu puguh pacabakan atawa teu boga panghasilan, mingkin nambahan. Lian ti kitu, nu didodoho ku PHK ge teu kurang-kurang. Numpukna pasualan kahirupan kawas kitu, jadi salah sahiji cukang lantaran nu ngaganggu kana kasehatan jiwa. Ngan, kumaha ngungkulanana? dr. Hj. Baniah Patriawati, MM., Direktur Rumah Sakit Jiwa (RSJ) Bandung medar pamanggihna.

***

Warta-warta calon anggota legsilatif (caleg) nu stres lantaran eleh dina pemilihan umum legislatif, kabandungan dina rupa-arupa media massa. Ngan, memang teu aneh teu sing, da samemeh prung pilihan umum ge loba nu ngiara-ngira bakal loba caleg eleh nu kaganggu jiwana. Kitu teh lantaran 'beuratna' bangbaluh dina waktu padungdung marebutkeun korsi legislatif.

Dina kaayaan kitu, pihak-pihak nu engeuh kana kasehatan tatahar. Di antarana, tatan-tatan nyadiakeun tempat parawatan keur para caleg eleh nu kaganggu jiwana. "Rumah Sakit Jiwa Bandung ge nyayogikeun tempat parawatan kanggo caleg nu stres," ceuk Hj. Baniah Patriawati, Direktur Rumah Sakit Jiwa Bandung, Jawa Barat. Tempatna, ceuk Ibu Direktur, di Pasir Impun, wewengkon pasisian kaler peuseur dayeuh kota Bandung. Tempatna ge kaasup Very Importan Person (VIP) kawas di hotel. Malum, calon pangeusina ge lain si itu si eta, da umumna nu jadi caleg mah 'strata' sosialna ge menengah ka luhur. "Mung dugi ka ayeuna, teu acan aya caleg manten nu dirawat di RSJ Bandung," pokna sawatara waktu ka tukang, basa ngobrol di bumi panganjrekanana, di Komplek Arcamanik Endah Bandung.Tamu

Can aya nu asup ka RSJ Bandung, lain hartina can aya caleg eleh nu stres, tapi bisa jadi ceuk Ny. Hj. Baniah, teu tatamba ka rumah sakit. "Atanapi teu acan stres, margi sapertos panyawat aya mangsana inkubasi nu teu waka tembong gejalana," pokna. Kawas nu anyar tatu, ari baal keneh mah teu ngarasa nyeri.

Kasakit Jiwa

Beuki dieu, nu katarajang kasakit jiwa beuki nambahan. Saban taun rata-rata undak 10 persen. Atuh, nu tatamba ka RSJ Bandung ge beuki loba. "Nu dirawat di RSJ Bandung teh kirang langkung 70 persen tina daya tampung," pokna. RSJ Bandung ngawengku tilu tempat, di Jalan Riau, Cisarua (Lembang) jeung di Pasir Impun, Bandung. Di Jalan Riau nyadiakeun tempat parawatan (tempat tidur) 144 urangeun, Cisarua 185 urangeun, jeung Pasir Impun 10 urangeun.

Lobana nu katarajang kasakit jiwa, keur Hj. Baniah mah teu aneh teu sing. Sabab, nurutkeun data World Health Organisation (WHO) ge, nu boga kasakit jiwa teh sapersen tina sakumna penduduk. Hartina, hiji babandingan saratus. "Mung, da kasakit jiwa teh rupi-rupi," pokna. Aya kasakitna hampang, sedeng, jeung beurat. "Nu kasebat tos abot mah tos teu tiasa diajak komunikasi deui," pokna.

Nu jadi cukanglantaran kasakit jiwa, ceuk Bu Dokter, rupa-rupa. Saperti kasakit umumna, aya nu lantaran turunan, aya oge nu sabab sejen. "Lian ti eta aya oge nu lantaran kasakit badan," pokna. Contona, cenah, nu katarajang kasakit heug hese cageur, pikiranana kaganggu, nu ahirna stres! Upama stresna diantep, terus nambahan, ahirna mah bakal depresi!

Kasakit jiwa, memang raket tumalina jeung kahirupan. Panyababna ge bisa tina pasualan nu kasaksen jeung karandapan sapopoe. "Susahna nyumponan pangabutuh sadidinten ge tiasa stres," pokna.

Kasakit mah tara pipilih, sasaha ge bisa katarajang panyakit, kasup kasakit jiwa. Kitu teh kabandungan di RSJ Bandung. Nu dirawat di eta tempat ti rupa-rupa golongan umur, rupa-rupa profesi. "Nu dirawat di RSJ ge aya dokter, aya ajengan, sareng sajabina," ceuk ieu teureuh Garut Jawa Barat nu lahir taun 1953 teh.

Naha bangbaluh kahirupan bakal mangaruhan kana kasehatan jiwa? Hj. Baniah netelakeun, nilik kana golongan umur jeung status jenis kelamin, nu katarajang kasakit jiwa teh lolobana mah kaum wanoja nu umurna antara 17 nepi ka 40 taun. Tangtu we, kituna teh matak prihatin, sabab umur sakitu teh kaasup umur produktif, nu samistina gede mangpaatna keur balarea.

Nu katarajang kasakit jiwa, memang nyampak di mana-mana. Tapi, teu sakumna nu 'gering' pikir bisa tatamba atawa ditambaan ku kulawargana. Ari sababna mah rupa-rupa, boh lantaran heureut waragad boh lantaran ngarasa aeb boga dulur nu owah. "Padahal, teu kedah isin, da saha nu hoyong gaduh kasakit kawas kitu," pokna.

Rumah Sakit Jiwa Bandung, rumah sakit pamarentah. Saperti Rumah Sakit Hasan Sadikin (RSHS) Bandung, keur kasakit umumna mah. Ari ieu mah husus, keur nu gering pikir. Ayeuna aya kartu sehat, nu bisa dipake keur 'waragad' tatamba.

Ayana RSJ ge memang pada ngamangpaatkeun. Nu ti mana nu ti mendi daratang ka eta tempat. Saha wae ge bisa uubar ka dinya asal nyumponan pasaratan. "Pasen di RSJ Bandung ge 90 persen nganggo kartu asuransi kasehatan," ceuk ieu dokter lulusan Unpad teh.

Dina mingpin RSJ, Dr. Hj. Baniah Patriawati, MM, satekah polah ngalaksanakeun pancen sahade-hadena. Saha wae nu boga karep tatamba ka dinya teu weleh dibageakeun samistina. Ngan, nya kitu, timbal balikna mah, sakapeung, teu kurup jeung kamistian. Contona, loba pasen nu diantep teu ditalingakeun ku kulawargana. Sok cul kawas nu dipiceun. Puguh deui pasen titipan Departemen Sosial mah, lantaran teu puguh kulawargana tea, tara aya nu nanyakeun-nanyakeun acan. Satutas pasen 'pulih' (kitu istilahna - lain cageur- red.), pihak rumah sakit sok kapaksa kudu nananyakeun identitas pasen, nanyakeun kulawargana. Sakapeung nepi ka kudu nyukcruk-nyukcruk kulawarga pasen lantaran eta pasen geus pulih tea. "Seueur pasen nu tos pulih tapi sapertos nu teu ditampi ku dulur atawa kulawargana," pokna.

Pasen nu geus bisa balik, samistina ditalingakeun. Kudu kontrol kalayan mayeng. Tapi, nya kitu, geus balik mah sok pleng les, datang deui ka dinya sanggeus kasakitna 'jadi' deui. "Angka nu kanceuh deui teh 40 persen," pokna.

Hirup manusa, remen teu bisa ngira-ngira nu bakal tumiba ka dirina. Upama aya nu katarajang gering pikir, nepi ka owah pisan, sawadian ditalingakeun ku kulawargana. Pasen kudu meunang pangobatan nu bener. Nu kasaksen, saperti di pakampungan mah, nu gering pikir, komo deui nu ngaganggu ka batur, kalah dikerem atawa dipasung!

Nu gerig pikir, ceuk Hj. Baniah, sawadina gancang-gancang, ditambaan. Lantaran, saperti kasakit-kasakit umumna, leuwih gancang kanyahoan leuwih gampang diubaranana.

Ngubaran bisa ku rupa-rupa cara, bisa langsung sacara medis saperti ka RSJ, bisa oge ku cara sejen, saperti pangobatan 'alternatif'. Cara kumaha wae, bakal hade keur pasen mah. Hartina, aya tarekah ti dirina atawa ti kulawargana sangkan pasen cageur deui.

Nambaan nu gering pikir, teu gampang. Malah, bangga kacida. Arang kacida, nu boga kasakit jiwa sadar kana kasakitna. Loba nu teu engeuh, malah nu teu inget. Komo deui nu geus parna saperti nu geus teu bisa diajak nyarita, kacida banggana ngubaranana oge.

Nambaan nu gering pikir, kudu titen jeung tulaten. Nu nalingakeunana oge kudu cukup. Pasen nu tatamba di RSJ diaping ku salapan urang psikiater, genep urang dokter, psikolog tiluan, jeung pagawe sosial duaan. Ari parawat mah aya 222 urang. "Memang, tacan ideal, da mistina mah saurang pasen teh tilu perawat, lantaran tilu jirangan (shif) waktu tugasna, masing-masing dalapan jam.

Mikanyaah nu Tunggara

TamuHj. Baniah Patriawati, pituin urang Garut Jawa Barat. Ngan, saterusna mah matuh di Bandung, kulawargana, Achmad Pathi (ramana) sareng Hj. Saidah Pathi (ibuna) pindah ka Bandung, matuh di wewengkon Cicadas.

Ti bubudak, Baniah, geus boga kanyaah ka sasama. Hatena sok ngahelas, upama aya nu gering. Jorojoy hayang nambaan. "Ti nuju budak ge tos aya kahoyong janten dokter," pokna mesem.

Baniah apal, nu bisa ngubaran teh dokter. Matak, ahirna mah boga karep hayang jadi dokter, lantaran hayang bisa ngubaran tea. Lian ti kitu, reueus deuih ku dokter teh, da jaman harita mah, dokter daek ka lembur-lembur nepungan pasen. Paripolah jeung 'jenglengan' dokter make baju bodas dikongkorong steteskop (alat paranti mariksa pasen), ceuk tetempoan Baniah keur budak mah kewes naker. "Leuh, aya ku gagah," pikirna waktu harita.

Satutas tamat SMA, karepna jadi dokter terus ngagedur. Blus weh ka Fakultas Kedokteran Unpad, Bandung. Lulus-banglus taya halangan harungan. Ahirna, laksana pangharepan. Jadi Dokter Umum, lulus taun 1978.

Mimiti dines, Ibu Dokter teh kapapancenan babakti ka lembur pamatuhan, bali geusan ngajadi, Garut. Di dinya kungsi jadi Kepala Puskesmas, saperti di Cisurupan, Tarogong, Samarang, jeung sajabana.

Jadi dokter, lir lauk jeung caina. Di dinya teuteuleuman jeung kokojayan, ngalaksanakeun pancen gawe bari jeung nambahan luang oge pangalaman. Tina remen tepung jeung rupa-rupa golongan jalma waktu nambaan, Bu Dokter bisa maca keteg hate jeung kahayang warga sabudeureunana. Ku lantaran kitu, di mana wae mancen gawe teu weleh pada ngabageakeun, lantaran asa dumuk di lingkungan dulur jeung baraya.

Jadi pagawe pamarentah, mancen gawena ge pipindahan. Ngalanglang Nusantara geus biasa. Saban propinsi kasabaan. Satutas biasa ngalanglang di lapangan, pancen gawena robah jadi pagawe 'kantoran', di antaranna di Kanwil Dinas Kasehatan Jawa Barat.

Najan riweuh ku gawe, karepna neruskeun sakola mah teu pareum. Ngan ku lantaran butuh keur mekarkeun kamampuhan nu luyu jeung garapan gawena, sakolana ge milih Minijmen, di ITB. Ahirna, ngahontal gelar MM, ngeunaan Minijmen Rumah Sakit.

Kiwari, Dr. Hj. Baniah Patriawati, MM., kapapancenan jadi Direktur Rumah Sakit Jiwa (RSJ) Bandung. Mancen gawe nalingakeun pasen kasakit jiwa, keur Ibu Hj. Baniah loba hikmahna. "Ku ngabadungan pasen di RSJ, urang tiasa nyaksian dunya sanes," pokna.

Satutas remen nitenan nu katarajang kasakit jiwa, Hj. Baniah masih keneh boga angen-angen, hayang ngarobah anggapan masarakat ngeunaan kasehatan jiwa. Kiwari, ieu Direktur teh keur nataharkeun ngadegna Pusat Kasehatan Mental. "Miara kasehatan kedah ti anggalna," pokna. ***

Katgam:

1. Dr. Hj. Baniah Patriawati, MM., Direktur RSJ Bandung
2. Nalingakeun kasehatan jiwa kudu ti anggalna
3. Ngabeberah pikir, miara kasehatan jiwa
4. Sareng kulawarga
5. Studi Banding ka Rusia, boga keneh angen-angen ngadegkeun Pusat Kasehatan Mental

Tidak ada komentar: