Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Senin, 30 November 2009

Fatwa MUI 1 (Ieumah humor dulur..)


Fatwa MUI 1
"Saprak aya fatwa haram ngaroko di tempat umum ti MUI, aya hiji kabiasaan anyar nu dilakukeun ku para pagawe di kantor-kantor pamarentah, nyaeta baretah cicing di WC salila-lila. Manahoreng lain pedah nyeri beuteung. Ieu mah keur anteng ngadon udud."

Fatwa MUI 2
Budak santri: "Mama, ku naon ari kuring diharamkeun ngaroko? Ari Mama mah meunang?"
Mama Kiai: "Wayahna bae, sing sabar. Ujang ge mun umurna kawas mama geus 70 taunan mah meunang ngaroko teh."
Budak santri: "Eum kacida teuing MUI teh... (bari mikir jeung ngitung umurna nu masih keneh 12 taun)"

Huruf O
Pa Guru: "Cik, teangan kota di Jawa Barat nu make huruf o kabeh."
Cepi : "Ponorogo sareng Bondowoso, Pa."
"Pa Guru: "Eta mah Jawa Timur!"
Dika: "Wonosobo sareng Solo..."
Pa Guru: "Ieu mah di Jawa Tengah..."
Tegar: "Sorong, Solok, Tomohon..."
Pa Guru: "Eta mah luar Jawa, atuh!"
Udin: "Kedahna huruf vokal A di Sunda mah?"
Pa Guru: "Ah aya wae mun mikir mah... Tomo, Jonggol, tah kota gedena Bogor! Kulantaran aranjeun kawon, prak ah... tembangkeun tilu lagu Sunda anu kompak!"

Kiamat
Novita: "Leres kiamat teh taun 2012?
Endah: "Muhun. Saurna, ti taun 2012 kaditu mah sawangan paranormal dunya teh poek... aya halimun nu ngahalangan. Implengan anjeunna mung dugi ka taun 2012.
Farhan : "Boa-boa..."
Novita : "Boa-boa kumaha Kang Farhan?"
Farhan: "Si paranormal kaburu maot...
Novita: "??!!

Bingung Mudik
Bulan puasa kamari di terminal Leuwipanjang aya budak ngora ginding keur hulang-huleng bangun bingung. Panasaran dideukeutan, terus ditalek, "Ku naon Cep, hulang-huleng?"
"Puguh nuju bingung abdi teh, A. maksad teh bingung mudik," cenah.
"Na kedah bingung, pan mudik mah kari jung muru lembur," pok teh, da kitu pan ari mudik mah.
"Nu mawi abdi mah teu gaduh lembur da tulen urang Bandung," ceuk Si Kasep teh ngalengis bangun kacida nalangsana. Deudeuh teuing.

ATM
Umar : "Mir digawe teh jadi tukang naon?"
Amir : "Purah nungguan A Te eM."
Umar : "Genah, di bank meureun nya?"
Amir : "Ah lain, di pabrik."
Umar : "Naha di pabrik aya A Te eM kitu?"
Amir : "Aya, Alat Tenun Mesin."
Umar : "Mun ti tatadi, digawe di pabrik tinun kitu!"

Demo
Icih : "Cah, aya pe-er ti sakola, naon cenah hartina piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir, pacikrak ngalawan merak?"
Acah : "Gampil nu kitu mah, ayeuna ge keur usum, nu demo."
Icih : "Naha los-los ka nu demo sagala?"
Acah : "Enya mahasiswa-mahasiswa keur ngeundeuk-ngeundeuk pamarentah supaya ulah naekeun harga be-be-em, masih keukeuh dieundeuk-eundeuk ge, tetep we moal digugu."

Tidak ada komentar: