Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Senin, 30 November 2009

Antara Kabagjaan jeung Katunggaraan


Dina kahirupan, urang salawasna urang baris dipayunan ku dua hal. Di antarana kabagjaan jeung katunggaraan. Eta dua hal teh mangrupa Ujian keur saban manusa nu ujung-ujungna kumaha kalulusanana. Saterusna nu ku urang kudu dititenan wirehing, eta dua pancen teh kudu diartikeun kalawan jembar. Kahijina, urang hirup bakal ditebihkeun tina ngarasula. Kaduana, urang misti ngupama kana amanat karuhun, yen urang minangka urang Sunda ngagaduhan budaya-budaya anu kalintang luhungna. Ciri-ciri urang Sunda, nya diantarana ngabogaan 'gede kaera jeung karumasa'. Tah jadi, dina naon wae hal urang kudu ngabogaan kaera. Upama wae, urang jadi pelajar nya kudu era jadi pelajarana, atuh jadi karyawan kudu era jeung kalungguhanana. Kitu deui upama jadi pajabat, nya kedah isin jeung kalungguhanana. Jadi sagala rupa mun ngawengku baribasa diwuwuhan ku eta perkara, insya Alloh boh dina prilakuna boh dina damelna urang tangtu baris nyekel atawa cicing dina adeg-adeg budaya titinggal karuhun. Sakali deui sim kuring ngemutan, yen urang Sunda saestuna kedah ngabogaan gede kaera dina harti anu sajembar-jembarna.

Tah di sagigireun eta, urang ge kedah gede wawanen. Hartina, urang Sunda kudu ngaleupaskeun kabiasaan anu ngalalaip maneh saperti 'mangga ti payun', ku batur ulah ku sorangan teu dipigawe. Bari jeung dirina teu panuju ditungtungan ku kukulutus tukangeun. Tah eta pisan nu misti dipahing. Lebah dieu kawasna misti dilelempeng hiji palsapah Sunda nu ajenna kalintang jerona. Upama ngalenyepan kana hal bieu, lain hartina urang ngelehan jeung kudu sumuhun dawuh, tapi urang misti nembongkeun sikep jeung wawanen bebeneran. Saperti teuneung ludeungna tokoh Sunda Otto Iskadar Di Nata (Si Jalak Harupat) nu toh pati jiwa ragana bebela demi bangsa katut nagara.

Janten dina kahirupan, sim kuring umajak ka dulur-dulur, hayu urang tanjeurkeun deui budaya titinggal karuhun, micinta karepeh rapihan bari ngagem palsapah Silih Asih, Silih Asah tur Silih Asuh. Silih asih hirup sauyunan dibarung ku silih asah dina ngatik ngadidik enggoning ngawujudkeun silih asuh beungkeutan saamparan sabaraya rasa.

Pon kitu deui ku ayana budaya deungeun poma urang ulah ngabogaan sikep pasip tur nembongkeun rasa negatip. Tapi misti jadi pamecut, tur ngantebkeun budaya-budaya nu geus nyampak tur aya samemehna. Sahingga, urang langkung jembar tur langkung daria ngudag kahirupan dina era global. Cohagna, urang siap ngigelan jeung ngigelkeun paneka jaman. Ku ayana budaya deungeun eta deuih, urang bisa leuwih anteb. Hartina datangna budaya deungeun urang ulah waka sirna, tapi misti jadi ciri atawa tangara, yen urang teh bakal jauh tangeh leungit tina jati dirina. Tah lebah dieu pereluna pamatri jati diri nu misti pageuh. Najan aya parobahan-parobahan paradaban, urang salawasna misti 'peka' kana naon wae pasualan-pasualan nu karandapan alatan ayana parobahan-parobahan. Nya diantarana urang misti parigel tur nembongkeun eksistensi jati diri urang sagemblengna.

Jadi sakali deui, ka urang Sunda kumna, ulah babarian tur leungiteun jati diri alatan budaya-budaya anu sipatna bakal ngaruntagkeun budaya titinggal karuhun. Cindekna, ku ngagorolong Iptak-Iptekna globalisasi teh masing dijadikeun hiji tatapakan jeung lengkah-lengkah anu saestuna bisa ngadumansikeun jeung budaya lokal. Nu ujung-ujungna urang tiasa manggung di tingkat luar.

Tah kumaha sangkan tatapakan budaya karuhun napak tur baris jadi kareueus keur generasi-generasi kiwari jeung mangsa ka hareup? Ngahudangkeun kareueus kana ajen inajen budaya karuhun ka generasi ayeuna, urang salawasna misti ngabiasakeun tur ngagedurkeun ajen-inajen budaya-budaya urang sorangan. Pon kitu deui sangkan eta ajen budaya lokal karasa luhungna , nya urang teu meunang ngamomorekeun, malah misti leuwih gedur sumanget ngaapresiasina. Di lingkungan birokrasi upamana, saban daerah sok ngagaduhan ciri has daerahna nu tangtuna apal kana ajen budaya lokalna. Di pamarentahan Jawa Barat hususna geus sakuduna ngaku yen kana kaparigelan urang Sunda bari napak dina adeg-adeg budaya Sunda. Apan, kapunjulan mah teu bisa diuji ukur tina hasil teknologi, tapi bisa ditilik tina rasa mibogana jati dirina enggoning ngamalirkeun ajen-ajen budaya lokalna. Tah ku kituna, upama urang deuk ngaraksa ngariksa tur ngamumule seni budaya titinggal karuhun misti dibarungan ku pok-pek jeung prakna sangkan wanoh, katara ayana jeung karasa mangpaatna ku balarea. Insya Alloh upama geus kitu, generasi urang bakal kataji saupama eta ajen budaya teh dikamalirkeun sahade-hadena. Tah ieu nu disebut sinergis antara pamarentah jeung masarakat nu saestuna misti diwangun babarengan kalawan daria.

Budaya-budaya urang atawa kaparigelan-kaparigelan urang Sunda misti diraksa diriksa tur dipintonkeun sangkan nyinglar tina anggpan yen budaya urang murahan. Teunggeul deukeutna, di lembaga boh pamarentahan boh swasta mun tea enya rasa rumasa jeung nyaah kana budayana sorangan, tangtu dina cumarita ge maol leupas tina basa indungna. Malah sim kuring miharep dina 'rekruitmen' (narima pagawe) di instansi/lembaga minimalna eta calon pagawe misti maher jeung basa daerahna sorangan.

Tidak ada komentar: